//Asal Mula Ayana Pasantren

Asal Mula Ayana Pasantren

Kamajuan pasantren di urang teu lesot tina pangaruh kamajuan pasantren di luar nagri, utamana di India, Yaman jeung Mesir. Geus teu kudu dijentrekeun deui yen madrasah di Madras, Palekat, Allahabad jeung Delhi geus kawilang maju jaman harite oge. Salian ti pasantren-pasantren tradisional di masjid-masjid geus ngadeg ,adrasah-madrasah jeung sistem kelas jeung kurikulum anu jelas. Kajeun harita India keur dina jero jajahan Inggris, anu boga upaya nganasranikeun boh anu Hindu atawa Islam.
Misi-misi Nasani Inggris leuwih lemes dina nyebarkeun ajaranana lantaran maranehna ngagunakeun tanaga ahli anu dididik ku para orientalis, anu faham kana elmu Agama-agama. Umat Islam India hudang jeung sadar kudu ninggalkeun syirik, khurafat takhayul jeung bid’ah, balik kana Islam anu murni dumasar kana Quran jeung Hadits anu shaheh. India nampa pangaruh ajaran ti Muhammad bin Abdulwahab Najad jeung gerakan ngamurnikeun Islam ti Mesir. Pamurtadan ti pihak Nasrani bisa kahadang ku gerakan kaislaman anu nyekel pageuh ajaran Islam.
Di Indonesia dina awal taun sarebu salapan ratusan geus aya pasantren-pasantren anu ngagunakeun sistem kelas, utamana di Sumatra Barat. Salian ti madrasah-madrasah diniah anu ukur ngajarkeun elmu fikih, aqidah jeung elmu-elmu basa Arab neruskeun pelajaran anu diajarkeun pasantren tradisional, aya oge ngadeg madrasah anu ngalengkepan ku pelajaran umum: ngitung, elmu bumi, elmu alam jeung basa Walanda. Bedana tetep aya, ari pasantren tradisional mah make sistem palajaran saperti di nagara-nagara Arab. Madrasah anu ngagunakeun kelas aya anu nurutan madrasah di Madras aya anu nurutan metode al-Azhar Mesir. Ngadatangkeun buku-buku basa Arab ti Mesir. Tampolana mah buku palajaran basana mah loba karangan madrasah-madrasah Qibtiah (Nasrani Mesir atawa NAsrani Siria-Libanon). Sabagian guru-guruna aya anu lulusan al Qahirah Mesir.
Di Sumatra Barat ngadeg madrasah diniah “Adabiah” pimpinan Ustadz Abdullah Ahmad. Mimitina palajaran ukur aqidah, syareat jeung basa Arab, tapi nu beh dieuna mah dilengkepan ku elmu pangaweruh anu diperlukeun dina mangsa harita. Dina taun 1916 ngadeg Sumatra Tawalib, tingkatanana sarua jeung HIS tujuh taun. Pamarentah Walanda geus mimiti curiga ku ayana madrasah-madrasah anu kawilang maju. Komo deui saba’da eta madrasah guru-guruna arasup gerakan PERMI (Persatuan Muslimin Indonesia) Permi dianggap partai politik anu satuluyna dibekukeun nepika bubarna. Tapi kajeun Permi dibubarkeun, madrasah-madrasah mah tetep bae jalan teu milu bubar. Ari gangguanana pikeun madrasah-madrasah modern mangsa harita, salian ti gangguan ti pamarentah Walanda, gangguan ti para ulama adat oge kawilang gede. Ahirna keur nyaingan madrasah-madrasah modern para ulama adat ngadegjeun deui madrasah-madrasah Sufi anu nyebarkeun ajaran tharekat jeung panatik madzhab.
Salian ti gerakan salafi jeung gerakan antisalaf timbul gerakan moderat anu siga menerkeun duanana tapi ngambang dina fikih jeung aqidahna. Akibat ku ngambangna tea loba murid lulusanana arasup kana gerakan kabangsaan atawa komunis pisan. Kapangaruhan ku paham-paham sekuler anu dimekarkeun ku lulusan sakola Walanda. Di Jakarta Attahiriah ngadeg make gerakan madzhab ahli sunnah wal jamaah mimitina santrina loba katurunan Hadlramaut (ti Yaman Kidul). Di tengah-tengah Islam abangan jeung pangaruh karaton Jogjakarta, KH Ahmad Dahlan ngadegkeun Muhamadiah, 8 Nopember 1912. Ajaranana ngajak umat Islam balik kana ajaran poko Islam nyaeta Quran jeung Hadits sacara hikmah jeung bijaksana. Salah sahiji carana lona ngadegkeun sakola umum: HIS, MULO, jst., tapi make dasar Islam. Salian ti eta ngadeg deui madrasah-madrasah saperti madrasah Mu’allimin jst. (hanca)
Ku: A. D. El-Marzdedeq
Sumber: Iber no 429/th. XXXVI/19 Sya’ban 1424 H/15 Oktober 2003 M

Sejarah Pesantren